Koran sunda giwangkara online ningkatkeun ajen sunda** Pendidikan terpadu gentra winaya membangun manusia seutuhnya **

Sajak sunda

 Bulan Sapari

Bulan ati digerih tinggal sapari
Bentang hate dikeset sesa saese
Layung janung kapaut ku pucuk bitung
Curug kalbu ukur lagu liwung gandrung

    Harita basa ngucap heunteu wasa
    Horeng jiga mawar bodas
    Kiwari basa kedal panto hate
    Geuning saluyu tina ucapan

waktu munggarang ngajugjug gunung
Nyarita aya nu datang anyar  jadi tinimbangan
Basa rek ngojay wahangan nu caina Canembrang 
Cenah najan tiheula panto muka kapiheulaan

Tatar Pasundan ,13 juni 2007
Gugun S Gunawan 



Daun Puspa 
Basa  angin tresna neumbag dada
Seungit malati ngadalingding mawa dangding
Salambar-salambar daun puspa ragrag di dinya
 Pasir bulistir  narik ati pikeun nyungsi

Wahangan nu caina canembrang herang
Disorang bet hariwang  bisi aya rangrang
Puncak rasa nu nyangkaruk dina dada
nyaliara sapanjang raga teu walakaya

Gunung nu Endah, 2006
Gugun Sena Gunawan







0 komentar:

Posting Komentar